Category Archives: Sastera dan Cerita

Berkas-Berkas Nu Moal Ngajadi

Carpon GUN-GUN MULAYAWAN

BERRR… berrr… berrr… ponsel Perbangsa gugurubugan. SMS. Diantos di pengkolan, cenah. Perbangsa buru-buru disalin. Calana coklat, beubeur hideung, kaméja telor asin tuluy dipapaés ku dasi krém sina ngagebay. Ngeunteung tuluy nyisirbarihéhéotan. Rapih ah, kasép, ceuk haténa. Kari maké sapatu. Ari jasna disangkéh ambéh jiga Tom Cruise.

Berrr..berrr…berrr… ponsélna gugurubug deui. Tong hilap map anu héjo, cenah. Emh heueuh, ampir wé poho. Mangka map nu sakitu penting. Berkas-berkas MoU proyék gawébareng jeung urang Jepang nu kudu kabawa harita pisan. Jam dalapan téng, teu maké telat. Mun teu kabawa atawa telat, berarti kalaut. “Nuhun, geulis, enung, jungjunan engkang,” gerentes Perbangsabaricelengok nyosor ponsél nu masih kénéh ningalikeun SMS ti Rara Wulandari téa.

Boga kabogoh téh titén pisan kana sagala rupa. Apal kana sipat Perbangsa nu limpeuran. Matak ngahaja ngontrak imah téh ngadeukeutan. Di Batununggal, kahalangan ku sababara blok. Ambéh bisa langsung diingetan lamun poho, pikirna. Da mémang aya waé nu poho. Pangpangna mah ambéh pulang-anting gawé bisa bareng. Balikna samobil, ari jangjian indit ngantor sok  silih tungguan di parapatan Jalan Soekarno-Hatta.

Desainer interior Rara téh. Boga rohangan husus dina salah-sahiji majalah kulawarga nasional ngeunaan panataan interior. Ahli jeung luhung élmuna.

Naon atuh bet bogoh ka Perbangsa?Nahaalatan teu payu, atawa kabéngbat ku title jeung pakaya? Lain, lain kitu. Disebut teu payu mah piraku, da lalaki geus ngantay paginding-ginding pagandang-gandang, malah réa diantarana nu sok mahugi ka manéhna. Matak, mun disebut kabéngbat ku title jeung pakaya, paralun teuing keur Rara mah. Da sidik Rara téh hiji wanoja mandiri nu teu butuh bantuan ti nu séjén, komo kudu jajaluk ka lalaki.

Naon atuh bet bogoh ka Perbangsa? Nahakeur ngalampiaskeun hawa napsu wungkul jiga kalolobaan awéwé nu kaeunteupan panyakit western? Teu, paralun teuing. Agama geus ngajaga manéhna tina laku nirca jiga kitu. Éstuning rasa cinta nu datangna duka timana nu ngalantarnkeun manéhna silih mikacinta. Kitu sotéh ceuk Rara. Hésé matak gé munapék kana perasaan sorangan mah. Kitu ogé jeung Perbangsa, bangga rék nyebut teu suka ka Rara mah.

Sup, map warna héjo nu tadi diingetan ku Rara téh diasupkeun kana koper, sarta tuluy dijingjing. Manéhna ngeunteung sakedap memener dasi. Gagah, cenah ceuk manéhna sorangan, moal ngérakeun Rara.

Tewewew…tewewew… ponsél Perbangsa aya nu ngebél. Rara Wulandari deui. “Antosan, nuju di jalan. Sakedap deui!” témbal Perbangsa ngawadul.

Jam satengah dalapan mangkaning. Dasar talangké. Golosor panto garasi diiserkeun. Ciut, ciut sada alarm. Clé, Perbangsa diuk tukangeun setir, biur wé mobil teh dilumpatkeun.

Tuh, geuning katingali ayeuna mah Rara keur élékésékéng rut-rét ka palebah datangna Perbangsa. Rarayna amucuy, jamedud jiga raksukan nembé dipeureut.

Tititiiiit, Perbangsa ngelaksonan. Reg, mobil eureun hareupeun Rara. Bray, panto mobil dibukakeun. Clak, Rara hanjat.

“Meni lénglé,baku” cenah, baeud. Perbangsa nyengir.

“Baé ah, ari diIndonesiakénéh mah.” Walon Perbangsabarinyengir.

Rara Wulandari beuki samutut.

“Pantes hésé majuna atuh urang Indonésia mah, da alas sorangan gé kalah diasongkeun ka hayam.“ Mimiti hutbah. Biasa kituna téh lamun geus manggihan Perbangsa nyapirakeun kana waktu. Tapi ku Perbangsa langsung ditémpas.

“Yes, mam, yes mam. That’s right.” Cenahbariangger nyengir.

“Baku, ah! Ngaléléwé waé.” Ciiiit, Rara Wulandari nyiwit leungeun Perbangsa semu nu gereget.

“Wadaw, nyeri jeung nyetrum deuih.” Perbangsa ngajerit. Mun Perbangsa nyekel bohlam mah  jigana bisa hurung. Hurungna ngempray na manah saendeng-endeng.

“Sakali deui atuh!” cenah ceuk Perbangsa kalahka ngaheureuyanbarisong ngasongkeun leungeun ka Rara. Kituna téhbariluwa-lewé.

 “Énggal ah, tos kasiangan!” Leungeun nu diasongkeun ku Perbangsa teh lain diciwit deui tapi kalahka disun tuluy ditémpélkeun kana tarangna.

“Huhh,” Perbangsa ngarénghap, jantungna ratug. “Ok, mam! Hang on!” Persenéleng diasupkeun. Rarayna kaciri marahmay, caang bulan opat belas. Biur, mobil digas meuntas Jalan Soekarno Hatta asup ka Jalan Cijagra. Ka kaluarna di jalan Buah Batu.

Jalan lowong teu cara sasari. Saparapat jam gé tepi ari kitu mah. Jangjian jeung urang Jepang jam dalapan téh moal bolay, nu ieu mah pasti gol.

Asup ka jalan Buah Batu, crek, Perbangsa ngasupkeun kaset Norah Jones kana tip. Tembang pangaresepna jeung pangaresep Rara.

Meureun, ieu hiji-hijina pangaresep nu sarua, musik, babakuna jazz atawa nu bau-bauna kadinya. Norah Jones. Da ari nu séjén mah loba nu teu surup, malah patukang tonggong. Rara téh wanoja geulis, pinter, disiplin, basajan, jeung teu matré. Ari Perbangsa sabalikna, boros jeung sakahayuna kana sagala rupa.

“Nu matak jadi bulan-bulanan si bos, akang mah.” Ceuk Rara muka carita, waktu mobil ngarandeg di parapatan Buah Batu-BKR. Jigana, sajajalan haténa noroweco hayang ngagelendeng Perbangsa. Kudu dibebener Perbangsa téh, cenah, ambéh rada disiplin. Matak kitu manéhna ngahaja teu nyetir sorangan masing boga ogé, da cenah ambéh bisa ngajujurung jeung gaping Perbangsa, tur ngarah teu mindeng telat. Sugan ari kapaksa kudu nganganteur mah Perbangsa téh ngabiasakeun hirup disiplin jeung ngatur manéh, pikirna.

Untung sotéh Perbangsa mah dipertahankeun cekel gawé téh, pédah gambar-gambar arsitékturna nu geus katelah, sok dijieun referénsi, jaba loba customer nu pesen dipanggambarkeun téh apan ukur ku Perbangsa. Ku Perbangsa, aéh ku hasil leungeun Perbangsa meureun (mun Perbangsa meunang gedé hulu mah) pausahaanna bisa maju téh.

Ceuk Rara Wulandari mah Perbangsa teh olo-olo. Padahal mémang Perbangsa mah mun ngagambar téhtarabisa gurung-gusuh. Kudu loba titimbangan, cenah, boh tempat dimana éta gedung rék dibangunna, kaayaan taneuhna, kemiringan taneuhna, sosio kultur, sajarah jeung réa-réa deui. Nu matak teu bisa langsung gutret ngagambar.

Kitu téh Rara ogé apal. Dina pagawean nu teu mingkin kapigawé, Perbangsa mah moal ieuh dikeukeuweuk ku sorangan pedah hayang proyék gedé atawa hayang kapaké ku atasan.Tara, Perbangsa mah. Sok éra ku dédikasi jeung idealisme nu dikotéktak dina bangku kuliah, cenah. Tah éta meureun nu ngalantarankeun Rara ngaragragkeun duriat ka manéhna.

Ari Perbangsa jeung Rara mimiti deukeut téh alatan Perbangsa nu sok loba curhat sagala perkara masalah pribadina. Nu antukna timbul rasa simpati, sarta mimiti katarik ati kapentangasmara. Perbangsa téh saenyana mah geus boga tunangan. Rék dipegatkeun tunanganana téh, tapi dicaram ku Rara. Anéh mémang. Tapi baé kitu gé, ceunah da lalaki mah teu aya nu nyaram gaduh istri langkung ti hiji.

Mobil ngaliwatan jalan Karapitan. Di simpang limakabeneran lampu beureum. Berrr…berrr…berrr… ponsél Perbangsa ngagurubug. SMS. Say, kpn dtg. Miss u, cenah, ceuk SMS ti tunangan Perbangsa. Si Kuncir, disebutna ku Perbangsa mah. Moal salah, hayang dianteuran duit. Tek, SMS téh ditutup deui, teu dijawab. Ponsel tuluy disimpen semu dialungkeun.

“Saha?” tanya Rara.

“Nu iseng,” témbal Perbangsa sakeunana.

Kasét dina tip masih kénéh muter Norah Jones.

“Waler wé atuh, kang,” Rara surti.

“Ah, lebar pulsa. Barina ogé akang mah pan nuju nyetir. Bisi kumaha onam.” Kituna téhbarimemener sora tip nu ngagorokgok.

“Tadi aya geuning, waler wé atuh kang. Cing ku abdi.” Cenah ceuk Rara Wulandaribarinyolongkrong rék nyokot ponsél.

“Keun wé, engké gé nga-SMS deui.” Cek Perbangsa, sorana teugeug. Leungeun Rara murungkut deui.

 “Si Étéh?” tanya Rara, nalungtik.

Perbangsa ngabetem.

“Sakali-kali mah abdi hoyong pendak, kang!” ceuk Rara.

“Teu perelu!” ceuk Perbangsa teugeug. “Tos ah, tong nyarioskeun éta deui, gentos topik wé ngobrolna!”

Kabeneran, lampu hejo. Teu talangké, mobil langsung dibélokeun ka Jalan Asia Afrika. Sakeudeung deui tepi. Hayangna mah geura parkir, geura naék lift, langsung panggih jeung urang Jepang téa, tuluy ngabahas MoU. Tong aya deui obrolan ngeunaan si Kuncir. Geus lieur, cenah na pikir Perbangsa.

Nu gigireun ngabetem.Baku, ari aya telepon atawa SMS ti si Kuncir téh, suasana nu asalna pogot jadi simpé. Masalahna lain di Rara waé, tapi Perbangsa nu sok murungkut nguyung ngabandungan kahayang ti tunanganna nu rupa-rupa, saperti sual pakean, perhiasan jeung duit.

Ari Rara, sok hayang wé manggihan ka tunangan Perbangsa téh. Lain rék ngontrog cenah, tapi rék duduluran. Awéwé sakitu andalemi rék ngontrog? Paling ogé tunangan Perbangsa nu ngontrog Rara. Tada teung dikoétanna raray Rara téh.

Tacan siap Perbangsa téh. Si Kuncirna gé udar-ider waé, natangga, ngadon cicirihilan ngomongkeun batur, jalan-jalan ka mal, balanja barang-barang nu teu perelu atawa ngarumpi di salonbarigunta-ganti warna buuk. Perbangsa mah ayeuna resep téh ka awéwé nu bisa némbongkeun yén manehna téh awéwé bageur tur bener nu rék satia, satuhu ka salaki jiga awéwé nu ayeuna diuk di gigireunana.

Matak, Perbangsa mah teu paduli ayeuna tunanganna aya dimana atawa rék kumaha baé ogé. Rék bobogohan deui ogé kajeun teuing. Malah alus kabina-bina, ambéh aya alesan keur pegat, cenah.

Ari Rara Wulandari ayeuna kalah kieu ngomongna teh, “Matak gé teu kénging dipegatkeun hubungan akang sareng Téh Ésti téh. Karunya teuing, apan Téh Ésti peryogi bimbingan,” cenah. Lieur matak gé Perbangsa téh. Kalah ngaétéhkeun ka pimarueun téh.

Hanjakal Perbangsa téh karék panggih jeung Rara sanggeus manéhna tunangan. Ka awéwé jiga kieu mah saha nu rék téga ngadua haté? Mun ti baheula mula mah manéhna panggih jeung Rara, moal enya manéhna rék néangan nu séjén. Ku nu ieu mah, Perbangsa ngarasa seubeuh. Seubeuh ku kanyaah.

Alatan SMS ti tunanganna tadi, Perbangsa asa teu ngeunah nyupiran ogé. Komo ningali paroman Rara. Mobil tuluy disina nyisi, majuna teu ngebut masing jalan sajalur ogé. Ah, dasar si Kuncir,  Perbangsa ngaweweléh na jero haté. Di parapatan Hotél Preanger, mobil Perbangsa kapegat deui lampu beureum.

“Ari Si Étéh parantos uninga?Nahaparantos dowartosan?” tanya Rara, nalungtik sakali deui. Perbangsa memener spion nu geus merenah. Lagu Norah Jones nu asalna mah niiskeun haté, ayeuna jadi ngaguruh ngagugudag teu puguh kadéngéna. Crek, tip dipaehan ku Rara.

“Waler atuh, kang!”

Perbangsa ngabetem. Lampu beureum asa lila pisan.

Jempé sajongjongan.

“Tos atuh dugi ka dieu wé hubungan urang téh. Tong dugi ka hubungan urang téh nyilakakeun batur.” Ceuk Rara.

Gebeg, haté Perbangsa asa dibaledog granat, ngabeledug. Embung ari kudu kaleungitan Rara mah. Kajeun si Kuncir wé, cenah. Ridlo Lillahi Ta’ala nu eta mah. Perbangsa ngumpulkeun picaritaeun. Weléh, bingung. Bingbang. Dam. Skak stér. Mun salah léngkah, kalah rajana nu modar. Mun enya ayeuna manéhna milih Rara, berarti kudu milih tunangannabaribalaka ngeunaan hubunganna jeung Rara. Mun enya ayeuna manéhna milih megatkeun Rara, sudi teuing, cenah. Mun enya ayeuna manéhna api-api tunanganna mutuskeun manéhna, asa piraku, bisa-bisa Rara oge milu kabur, nyangka manéhna geus ngulinkeun haté awéwé.

Titiiit, titiiit…! Sora klakson ti tukangeun mani ragég. Lampu geus héjo. Buru-buru Perbangsa ngoper persnelling, tuluy digas. Jedud, mobil ngagejlok da Perbangsa nu teu tarapti kana kupling. Mobil paéh. Tititiiit, titiiit…! Sora klakson ragég deui. Gandéng siah! Gerentes Perbangsa. Dadana ratug. Di peuntas, koloyong mobilna dikasisikeun, tuluy eureun. Segruk, Rara nangis. Leng, Perbangsa ngahuleng.

Kodongkang, Rara Wulandari tisu, tuluy nyusut cipanon. Jep, jempling sakedapan. Perbangsa jeung Rara peheneng-heneng. Mobil teu dipareuman, hirup kénéh. Di luar, bur-ber mobil tararik. Segruk Rara ceurik. Édas.

Perbangsa beuki teu puguh polah. Cetrék, mobil dipaéhan. Rét ka Rara nu keur nyusutan cisoca. Rét deui kana ponsel nu gugurubugan jiga jaér di balandongan. Aya telepon ti si Kuncir. Emh, cenah rumahuh. Rét deui kana bangku tukang, kana koper nu eusina map héjo téa. Berkas-berkas MoU nu kudu ditéken ku urang Jepang téa jam dalapan téng teu maké telat. Rét kana arloji, jam dalapan. Perbangsa ngarénghap, berkas-berkas MoU nu kudu ditéken ku urang Jepang téh moal jadi atuh. Rénghapna karasa beurat. Telat saeutik, time is money.***

INDRA

Ku: Gungun Mulyawan

Masih keneh ngelemeng dina juru panon beulah katuhu. Budak teh lumpat sakalumpat lampet bari ceurik jeung gugupay, ngudag mobil nu mawa kuring.
Deudeuh teuing anaking, ibu kudu miang, indit ninggalkeun anjeun jeung nini anjeun. Jauh, unggah gunung turun gunung meuntas sagara keur nyiar karirupan. Kitu gunam hate, ngupahan maneh bari ngusapan gambar budak nu keur lumpat dina juru panon beulah katuhu.

Keun engke jaga, ceukeng, ibu pasti balik deui neang anjeun, rebo ku barang bawa pikeun anjeun sakola. Ujang teh hayang jadi polisi, lain? Lain geuning, ujang mah sok gagah lamun nyarupakeun kalakukan polisi di jalan nu keur ngatur tali marga bari niup piriwit. Priit,..emh, Isuk geto ujang pasti bisa sakola jiga batur, diseragam, jiga pulisi bari ngagandong kantong.

Duh, anaking, hampura ibu kudu miang ninggalkeun anjeun.
Kitu gerentes hate kuring sajajalan, tapi saeutik ge teu malikkeun beungeut keur sakadar neuteup atawa ngadadahan.

Hate geus buleud rek digawe, rek nyiar kasab keur manehna. Heueuh keur manehna. Teu soteh malik lain pedah rek tega ninggalkeun budak nu keur meujeuhna lucu, meujeuhna digulang gaper diciuman. Tapi geus kabayang ti anggalna lamun kuring malik moal henteu pasti aya balong cimata anu bedah. Geus pasti kuring hayang lumpat tina mobil muru ngagabrug manehna. Keun, kuring ngupahan maneh, da indit teh lain keur saha, da miang teh lain keur aing.

Tapi Indit teh nagahaja teu susulumputan. Ambeh manehna teu ngarasa dibobodo. Budak teh dimandian jeung dibajuan ku baju karesepna heula. Kaluhurna kaos koneng, ka handapna calana pondok lepis. Mun kitu pasti kaimplengna arek dibawa nyaba, da kitu biasana. Ari rek nyaba teh sok dibajuan anu eta. Kojona. Urut lebaran mangkukna, basa salaki aya keneh.

Matak kitu geus kabayang, manehna pasti ngadat, hayang ngilu. Tapi da kahayang teh, lamun ninggalkeun, kuring yakin yen manehna dina kaayan nu panghadena. Sehat jeung jagjag. Tapi keun ngadat sakedap mah asal tong nyideum cap yen kuring tukang ngabobodo. Kabur, lumpat ngajanggilek tina tanggung-jawab.

Kasep, budak teh ceples ka salaki, gerentes kuring basa leungeun nyisir-nyisir buukna anu hideung gomplok. Bray, kelemeng mangsa-mangsa katukang, basa salaki aya keneh. Mangsa nu pinuh ku kaendahan, pinuh ku kaheman. Budak teh kahayang duaan, gerentes hate bari ngareret kana ranjang tempat kuring jeung salaki mudalkeun birahi. Tuluy budak teh ditangkeup, diangseuan sakujur awakna. Nyambuang bau kelek salaki, taneuh kahujanan, leutak hanyir belut, jeung daging kaduruk.

“Urang indit.” Ceuk salaki. Ngingkig. Dina cangkengna ngabeulit wadah belut. Gagah katingalina, masing aya nu teu biasa. Salaki teh teu ngagandong kas tempat nyimpen aki jeung lilitan setrum.
“Teu perelu deui ayeuna mah,” Ceuk salaki tapis, bari nunjuk kana gulungan kabel nu ngarumpuyuk gigireun hawu.
“Ku eta mah geus teu kudu deui sutram-setrum aki. Teu kudu deui ngingkig ka lebak. Kari cantelkeun. Belut pasti laluncatan.” Ceunah bari ngaburakeun haseup roko tina sungutna.

Kuring ukur bisa seuri koneng. Teu ngarti. Rek ku setruman nu biasa nangkod dina tonggongna atawa ku setrum nu cenah rek nyokot tina gardu pek teh teuing. Asal balikna mawa belut cing loba keur iangeun ka pasar atawa ditatawarkeun ka tatangga. Nu penting duit nu loba keur meuli beas jeung susu budak.

Barakatak budak teh seuri, rangu pisan. Khas manehna, khas salaki. Meureun asa dieleketek. Jiga pisan salaki budak teh, getekan. Jadi hayang tuluy ngagalentor, hayang tuluy nyeuseup kembang kenang-kenangan nu ditinggalkeun salaki dina diri manehna.

Heup, kuring eureun ngagalentoran budak, nyuksruk-nyuksrukeun beungeut kana beuteungna. Kaimpleng, lamun tuluy-tuluyan kitu ieu suku geus pasti moal bisa nangtung, leumpang tandang ninggalkeun manehna. Sakuat tanaga nahan cimata nu ampir-ampiran mudal. Budak teh enya asa beuki kasep, asa beuki surup ka salaki.

Da enya, hate ngeleketey nalika ningali budak ngapay-ngapaykeun pananganna hayang diais. Rasa mangmang nyaliara sakujur tubuh tapi tuluy disinglar. Gura-giru nyamber koper tuluy masrahkeun budak ka ninina nu titadi ngajanteng dina panto, teu nyoara. Teu ngahalang-halang oge teu ngahenjigkeun. Ngabetem ngaragameneng, ngarampa pangawak awewe nu geus kolot bari euweuh pangaboga. Teu bisa kukumaha. Sidik kuring hiji-hijina budakna, ari bapa apanan geus tilar dunya ti baheula oge. Hirup ngandelkeun dititah batur, teu sirikna dialas parab ku batur. Teu boga titinggal sekecret oge. Teu sawah teu kebon.

Tah dina punduk kuring, dua jiwa nu ayeuna ditinggalkeun teh ngagantungkeun hirup. Jadi, euweuh deui alesan keur ngeureunkeun lengkah. Di kota, geus nyampak sagalana. Duit mah pabalatak kari ngarawu, kitu ceuk si Entin ge, tatangga kuring nu sok mawa gawe awewe-awewe urang lembur. Loba, cenah, pakasaban di kota mah. Rek hayang jadi naon oge bisa.

Jadi, tujuan teh rek ka taeun si Entin. Alamat geus aya dina saku. Moal bireuk, cenah, neang alamat manehna mah. Ditanyakeun ka supir beus di terminal oge pasti apaleun. Tapi lamun geus tepi di alamat, manehna omat-omatan tong sakali-kali neangan nu ngaran Entin da geus pasti moal pada apal. Tapi, tanyakeun weh ngaran Tina. Kitu cenah papadon ti manehna.

***

Budak teh masih keneh ngelemeng dina juru panon beulah katuhu. Rambay cipanon, gugupay jeung nyebut-nyebut ngaran kuring. Ti tukangeunna, ninina memetot kaos konengna. Tuh tingali, geus ngemeng deui cai dina juru panon ngahalangan tina bisa ningali budak. Enya oge nyarita rek gilig ninggalkeun, tapi nu disebutna pangrasa awewe moal bisa dibobodo.

***

Di kota. Panonpoe meujeuhna aya di beh kulon. Lohor geus kalangsud, ashar pon kitu deui geus kaliwat. Alamat si Entin teh enya gampang diteang, kari nanya supir beus, ari di hareupeun gangna nanya ka tukang beca. Gampang, enya gampang. Ceuk saha di kota hese rek tatanya. Tuh geuning tukang beca ge teu ieuh ngabantah, teu masang beungeut haseum. Estuning someah hade ka semah teu hese nunjukkeun imah babaturan tea.

Kuring dianteurkeun pas kana panto imahna. Imah teh ti hareupna mah leutik tapi ari geus asup loba pisan rohangan jeung kamar-kamar. Sumpal-sempil laleutik. Babaturan mah nempatan kamar pang tungtungna.

Ari barang ningali kuring, si Entin nu keur mulas beungeut langsung ngecagkeun wedak nu ditampeuan ku beungeutna tuluy muru kuring nu ngajanteng dina panto. Geus kitu mawa kuring sina diuk dina biwir ranjang. Tapi manehna teu maturan kuring diuk.
“Sok diuk heula didinya, ke teteh rek ka si Mamih heula.” Ceunah, manehna ngaetehkeun.
Kuring teu ngawalon, tapi saeutik heran ningali roman si Entin nu semu reuwas ningali kuring. Sanggeus nitah diuk, manehna jung indit muru ka hareup imah, ka hiji rohangan nu rada gede. Hiji rohangan nu pinuh ku photo awewe gareulis tapi dangdanna numutkeun kuring mah asa rada leuwih. Awewe-awewe nu make baju rada kabuka atawa memang ngahaja dibukakeun. Kuring ngarampa dada, waktu inget kungsi ningali photo di salah sahiji juru rohangan eta nu buligir beulah luhurna. Iiiyyy, teu karasa kuring ngabirigidig.

Wanci geus ampir nincak maghrib. Ti jauhna, kadenge sora nu ngaji. Jigana ti masjid gede. Hawar-hawar, asa inget ka indung nu sok ngaji unggal peuting, bada isya. Bari mepende budak, cenah. “Sugan ari diperende ku ngaji mah, budak teh jadi budak nu sholeh, bisa ngajait indung bapana, mangmukakeun lawang sawarga.” Kitu ceuk indung dina hiji mangsa bari ngusapan pipi budak nu geus peureum dina lahunanana.
Sora nu ngaji masih keneh kadenge, tapi ayeuna mah kasilep ku sora musik dangdut ti rohangan gede tempat si Entin tadi muru kadinya. “Cinta satu malam oh indahnya, cinta satu malam oh indahnya,” cenah ceuk sora hiji awewe di kamar sabeulaheun kamar si Entin nuturkeun sora biduan tina tip bari tuluy seuri cicirihilan ditimpal ku sora awewe nu sejen.
Aneh, ceuk kuring. Bari ngurilingkeun panon kana tiap juru kamar. Beuki poek teh asa beuki rame.
Sabot kitu, si Entin geus aya dina panto. Manehna ngadeukeutan tuluy ngilu diuk jeung kuring dina ranjang. Rada halon manehna nyarita.
“Neng, ieu duit. Tarima!” cenah bari nyesepkeun duit kana leungeun kuring tuluy dikeupeulkeun.
Tacan ge beak kaheran, manehna nyarita deui.
“Ayeuna mah jung geura balik deui. Eta duit mah cokot we. Mere.” Ceunah.
Kuring masih keneh heran, tuluy rek nyoba nanya, manehna geus nyarita deui.
“Geus we balik deui ayeuna mah. Tong nawalang. Meungpeung can peuting teuing. Meungpeung can loba jelema nu datang,” cenah bari ngodongkang nyokot kantong kuring nu ngagoler dina suku laju disimpen dina lahunan.
“Tadi aya telepon ti Kang Dade, naha bet ku tega?” Panonna mencrong nyeceb kana hate. Jiga nu rek ngorowek eusi hate. Teu kaharti. Sama sakali teu kaharti. Matak kitu, sarua, panon kuring oge mencrong nyeceb kana hate jeung pikiranna. Hayang ngotektak naon kahayangna.
Naha bet ku tega? Tega belah manana? Apan kuring indit teh lain melaan diri sorangan.

Mungguhing rek bela ka dua urang nu ayeuna nagkodkeun nasib dina tonggong kuring. Lain rek senang-senang aing tandang teh?
Semu nu maksa, si Entin ngahudangkeun awak kuring tuluy dibopong kaluar kamar, nyusur gang dina imah eta. Geus diluar manehna nyalukan tukang beca.
“Pangmawakeun ka terminal,” parentahna ka tukang beca. “Pastikeun naek beus. Ieu ongkosna jeung duit keur ongkos beusna. Bikeun langsung ka kenekna. Montong balik deui memeh beusna mangkat. Ngarti?” cenah papadon ka tukang beca.
Sajajalan neang jawab, kunaon si Entin kalahka nitah kuring balik deui? Sasatna bari jeung ngusir. Apan manehna nu ngajakan kuring ngilu ka kota, bari ngumbar jangji. Ari ayeuna geus di kota kalahka nitah balik deui, jaba semu nu ngusir. Tiheula mah enya nolak teh da aya keneh salaki jeung da apal naon pagaweanana. Tukang surabi haneut. Tapi keun bae jadi tukang surabi haneut ge ayeuna mah.
Ayeuna mah pan salaki geus garing ngababatang di tengah sawah, dina peuting nu simpe. Sorangan, handapeun SUTET. Jadi, euweuh deui alesan keur ngajaga kahormatan. Kahormatan boa nu saha? Mangkeluk-mangkeluk jiga kuring sakulawarga mah geus teu butuh naon anu disebut kahormatan. Lamun enya kahormatan bisa diliwet mah enya butuh. Kitu gerentes hate nganaha-naha kalakuan si Entin.
Atawa meureun si Entin teh ngarasa wirang kadatangan kuring? Randa, boga anak hiji bari jeung layu. Hese diomeanana? Kitu gerentes kuring bari ngarampa kulit, beungeut. Emh, da enya geuning, jigana geus moal deui aya lalaki nu kagoda ningali waruga nu peot teu sirikna tinggal kulit jeung tulang. Panon cekung pipi kemong?

***
Tukang beca masih keneh ngungkug di tukang, ngaboseh.
Awak disarandekeun. Panon mencrong ka hareup tapi teu puguh titingalian. Sagala nu datang ukur bisa ngolebat. Sora klakson, nu seuri, gumuruh knalpot, nu ngagorowok, nu ngagoawak ngan bisa jadi sora nu teu beda ti sora radio, hiji-hijina pakaya nu ngajugrug dina lomari salah frekuensi. Ngaguruh, ngagorokgok.
***
Duit ti si Entin masih keneh dikeukeuweuk. Baseuh dina leungeun. Leng, sirah karasa muter. Masih nyiar jawaban kalakukan si Entin. Datang ka kota teh lain rek baramaen, lain rek menta derma jeung dagang kanyeri. Lain. Tapi rek digawe. Lamun enya boga duit, kuduna ladang kesang sorangan lain ladang pamere. Datang ka kota rek meruhkeun pangabisa. Ari ngageol saeutik, ngahegak jiga ceuk si Entin mah kuring ge bisa.
Teu karasa, aya nu ngalembereh kana pipi, haneut.

Inget ka budak titinggal salaki. Meunang ngageol duaan. Kahayang jeung cita-cita duaan. Anaking jimat awaking. Dina dirina ngandung pangharepan kuring duaan. Matak kitu dingaranan Indra. Ceunah ambeh usaha salaki nu tukang ngala belut teh bisa loba mujurna. Apan Indra teh dewa hujan?

***
Wanci sareupna, hujan kakara raat, waktu salaki indit ngagidig ka tebeh wetan. Tempat dimana ngapyak pangharepan.
“Saleupasna hujan, disaksian opat belas bulan,” kitu salaki cumarita, “karajaan belut ngayakeun hajat gede. Moal henteu, pasti kalaluar tina liang-liang. Loba pisan. Kari nyecebkeun ieu beusi,” cenah bari ngangkat gagang beusi. “Pasti tinggeleper. Moal hiji, dua, tilu. Sakali ceceb, bisa ngageleper puluhan belut. Tungguan saheulaanan, sina leuleus. Geus leuleus mah kari nyokotan.” Ceunah tapis pisan bari ngembang pangharepan dina biwirna. Panonna neuteup panon kuring, tuluy neuteup budak nu masih keneh ngagantel dina susu. Aya renghap nu nyedek. Karasa, eta teuteupan teh jiga nu anggang bakal kateang deui.
***
Isukna, rebun-rebun. Suku geus nincak deui buruan imah. Lembur teh asa ku tiiseun pisan. Hayam ge asa teu pati rame kongkorongok. Teu beda ti kaayaan waktu salaki kapanggih ngabugang di tengah sawah. Garing sakujur badan, kaduruk setrum nu ngalir kana kabel dina leungeunna nu dipake keur nyetrum belut.
Enya teu beda ti harita. Mana budak teh? Biasana geus ngulampreng di buruan. Boa dibawa ka sawah ku ninina? Pikir kuring. Pan ayeuna mangsana tandur di sawahna Haji Kurdi. Emh, meureun enya?
Tapi asa ku sepi-sepi teuing? Laju eta? Kunaon bet aya kelebet koneng dina pager awi nu doyong? Jiga kelebet koneng nu kungsi dipasang nalika salaki dimandian jeung disholatkeun. Ah, paling oge dipake ulin ku budak basa kamari, da kelebet teh teu dipiceun, tapi disimpen dina lomari. Keur sakalieun lamun nineung ka salaki sok diseuseupan, da sidik eta hiji-hijina titinggal. Meureun kamari kapanggih ku budak nyempil dina lomari? Meureun dipake ulin ku budak? Dasar budak, naon bae bisa dipake ulin, gerentes hate, hayang nyingraykeun pikiran aneh nu ngajurig dina sirah.
Deudeuh teuing anak aing, ayeuna ibu balik deui meunggaskeun pangharepan. Pangharepan hidep jeung ibu urang ruang cing jero. Awak ibu geuning, hiji-hijina modal nu dipiboga ku ibu keur anjeun nanjeurkeun cita-cita. Geus teu payu. Bro-boro ditingali, diangseu oge kalahka geuleuheun batur. Hate ngangres.
Budak teh ngelemeng deui dina juru panon beulah katuhu. Lumpat sakalumpat lampet bari ceurik jeung gugupay, ngudag mobil nu mawa kuring. Ngolebat dina sirah. Nyeh, kuring seuri, ngabayangkeun budak nu seuri, gugupay bari nyepeng kelebet koneng eta. Dikaos koneng jeung dicalana pondok lepis kojona. Rupa budak nu pangkasepna ngabelegedeg nampeu hareupeun.
Tuluy kelebet teh dicabut tina pager, diseuseup rada jero. Kaangseu bau kamper. Seungitna anyar meunang mawurkeun.
Karasa aya leungeun ngusap kana tonggong. Leungeun indung.
“Naha bet ku tega ari silaing?” ceuk indung, sorana dumareuda tapak ceurik. Pertanyaan nu aneh eta kadenge deui. Kuring malik. Naha bet ku tega?
“Tuh tingali kalakuan silaing. Budak geus nyangirah ngulon di kuburan. Rek melaan naon deui ayeuna? Indung nanahaon ari silaing?”
“Dasar nurustunjung. Budak lumpat memerik teu hayang ngalieuk saeutik oge. Budak teh lumpat ngudag sia, sakalumpat-lampetna. Teu malire kenca katuhu. Teu ningali titincakeun. Teu neuleu hareup tukang. Tuluy ngudag mobil. Tijalikeuh, nyi…” Indung nginghak, cimata murubut tina socana. “Tisoledat, nyi, lebah taneuh beureum lebah tanjakan, jaba urut hujan. Ngagulutuk ka handap. Ari, ti handap, motor Mang Isro laju ngebut, ngebat tanjakan teu ningalieun aya budak tikusruk gugulutukan.”
Teu laju indung cumaritana kaburu ngagabrug awak kuring nu ngeleketey. Bumi alam asa runtuh. Budak teh ngelemeng deui dina juru panon beulah katuhu. Lumpat sakalumpat lampet bari ceurik jeung gugupay ngelebetkeun kaen koneng.

SIB, 11 Nopember 2010