Carita Pondok

BERKAS-BERKAS NU MOAL NGAJADI
Ku: Gungun Mulyawan

Ber..ber…ber, ponsél gugurubugan. SMS. Diantos di péngkolan, cenah. Kuring buru-buru disalin. Calana coklat, beubeur hideung, kaméja telor asin dimamanis ku dasi. Ngeunteung tuluy nyisir bari héhéotan. Rapih ah, kasép, kari maké sapatu. Ari jasna disangkéh ambéh jiga Tom Cruise.
Ber..ber…ber.., ponsél gugurubugan deui. Tong hilap map héjo, cenah. Ampir wéh poho. Mangkaning map anu sakitu pentingna. Berkas-berkas MoU proyék gawébareng jeung urang Jepang nu kudu kabawa poé ieu pisan. Jam dalapan téng, tong telat saeutik ogé. “Nuhun, geulis, jungjunan engkang,” ceukéng bari celengok nyosor layar ponsél nu masih kénéh ningalikeun SMS nu tadi.

Untung boga kabogoh téh apal kana pasipatan nu pohoan. Matak ngahaja ngontrak imah téh ngadeukeutan manéhna, di Batununggal. Ambéh bisa diingetan lamun aya nu poho. Pangpangna ambéh pulang anting gawé bisa bareng. Silih jangjian di tempat nu geus ditangtukeun.
Sup map héjo téh diasupkeun kana koper tuluy dijinjing, ngeunteung sakedap memener dasi. Gagah, moal ngérakeun, tuluy wéh kaluar kana mobil.

Téwéwéw…téwéwéw, ponsél aya nu ngebél. Kabogoh deui. “Antosan, nuju di jalan. Sakedap deui!” témbal Kuring ngawadul.
“Har, ari konci mobilna dimana?” gerentes kuring bari ngarampaan saku. “Oh enya, na saku calana nu kamari?”
Jam satengah dalapan mangka.

Dasar talangké. Geus sagedé taleus bogor boa bitis Rara Wulandari téh. Mun jadi téh sagedé taleus bogor? Ah, angger wé bogoh. Boa bogohna gé beuki nambru. Golosor panto garasi diiserkeun. Ciut, ciut sada alarm. Clé tukangeun setir, biur wéh mobil téh dilumpatkeun.
Tuh geuning katingali ayeuna mah kabogoh téh keur élékésékéng rurat-rérét. Rarayna mani amucuy, jamedud jiga raksukan nembé dipeureut.
“Keun ah, cuang upahan.” Gerentes haté bari cungar-cengir.

Da Rara mah disebut tambah manis tambah geulis mun keur ambek kitu téh sok tuluy nyéh wé imut meuni kareueut. Imut anu ngandung aliran listrik duka sabaraha réwu watt téa geuningan nu nyetrum kana sakujur badan.
Tititiit, Kuring ngelaksonan. Reg, mobil eureun. Bray panto mobil dibukakeun. Clak, manéhna hanjat.
“Meni lénglé, baku” cenah, baeud. Kuring nyengir.
“Baé ah da di Indonesia kénéh.” Kuring nyengir.
Manéhna manyun beuki samutut.

“Pantes hésé majuna urang Indonesia mah da alas sorangan gé kalahka dibikeun ka hayam.“ Mimiti khutbah.
“Yés mam, yés mam. That’s right.” Kuring angger nyengir.
“Baku, ah! Ngaléléwé waé.” Celetit, Rara Wulandari nyiwit leungeun.
“Wadaw, nyeri jeung nyetrum deuih.” Kuring ngajerit.
“Sakali deui atuh!” Ceuk Kuring bari song ngasongkeun leungeun.
“Énggal ah, tos siang!” Leungeun nu diasongkeun téh lain diciwit tapi kalahka disun tuluy ditémpélkeun kana tarangna.
“Huhh,” Kuring ngarenghap, jantung ratug. “OK, mam! Hang on!” Perseneleng diasupkeun. Biur, mobil digas meuntas Jalan Soekarno Hatta asup ka Cijagra. Jalan lowong teu sasari. Saparapat jam gé tepi ari kitu mah. Asup ka jalan Buah Batu, kuring ngasupkeun Norah Jones kana tip. Tembang pangaresep duaan.

“Nu matak jadi bulan-bulanan si bos, akang mah.” Ceuk Rara, waktu mobil ngarandeg di parapatan BKR.
Jigana, sajajalan haténa norowéco hayang nyeukseukan. Kudu dibebener Kuring téh, meureun cenah, ambéh rada disiplin.
Enya mémang masih untung kuring mah dipertahankeun cekel gawé téh, ku alatan teu disiplin jeung loba baha ka atasan. Tah ayeuna ultimatum terakhir ti pausahaan téh, lamun seug proyék nu ayeuna teu gol alatan kuring, berarti jadi kuring kalautna. Ditajong jeung dialungkeun. Dipecat secara tidak hormat lantaran geus ngarugikeun. Kitu téh Rara ogé apal.

Emh, kuring téh saenyana mah geus boga tunangan. Rék dipegatkeun tunangan téh, tapi teu meunang ku Rara. Anéh mémang. Tapi baé kitu gé, ceunah da lalaki mah teu aya nu nyaram gaduh isteri langkung ti hiji ogé.

Cenah ka Kuring tong aya pikiran hayang pepegatan waktu hiji mangsa Kuring balaka hayang megatkeun tunangan.

Mobil geus di Karapitan. Di simpang lima kabeneran lampu beureum. Ber…ber…ber, ponsél kuring gugurubugan. SMS. Say, kpn dtg. Miss u, cenah, ceuk SMS. Si Kuncir, moal salah. Pasti rék ménta duit. Tek, ponsél téh ditutup deui teu dijawab tuluy disimpen semu dialungkeun.

Kasét dina tip masih kénéh Norah Jones.
“Waler wé atuh, kang,” Rara Wulandari jiga nu surti.
“Ah, teu aya pulsa. Barina ogé akang pan nuju nyetir.” Kitu téh bari memener sora tip nu ngagorokgok.
“Waler wé kang. Cing ku abdi.” Cenah bari nyolongkrong rék nyokot ponsél.
“Keun bé, engké gé nga-SMS deui.” Ceuk Kuring, teugeug.
Leungeun Rara murungkut. Biasa kitu téh, tara baha. Tara ieuh ngangkrang masing enya ngarasa bener ogé. Paling ogé samutut, tapi tara lila.
“Si étéh?” tanyana.
Kuring teu ngawalon.
“Sakali-kali mah urang pendakan, kang!” ceunah.
“Teu perelu!” Kuring teugeug.

Kabeneran, lampu héjo. Teu talangké, mobil langsung dibélokkeun ka jalan Asia Afrika. Sakeudeung deui geus tepi di menara BRI. Hayangna mah geura parkir, geura naék lift langsung panggih jeung urang Jepang tuluy ngabahas MoU téa. Ambéh teu kudu aya obrolan ngeunaan si Kuncir. Geus lieur.

Nu gigireun ngabetem. Baku, ari aya telepon atawa SMS ti si kuncir téh, suasana nu asalna ramé jadi simpé. Masalahna lain di manéhna, tapi di Kuring nu sok langsung murungkut nguyung ngabandungan kahayang ti tunangan itu ieu soal pakéan, perhiasan jeung duit.
Ari manéhna, kabogoh nu ayeuna diuk gigireun, nu dina rindatna moal aya pasipatan baha ka salaki, sok hayang waé manggihan ka si Kuncir téh. Lain rék ngontrog cenah, tapi rék duduluran. Awéwé sakitu andalemina rék ngontrog? Kabayang lamun Rara Wulandari pendak jeung tunangan, tada teung dikukusek rarayna. Raray nu lir ibarat bulan nu ngagantung dina tengah peuting nu meredong diadukeun jeung panonpoé nu gangas tengah poé éréng-éréngan. Asa ku nyaah teuing.

Mangkana tacan siap Kuring téh. Si Kuncirna gé udar-ider waé, natangga, ngadon cicirihilan ngagosip, jalan-jalan di mal, balanja barang-barang teu perelu atawa kaluar asup disko.

Matak Kuring mah teu paduli ayeuna manéhna aya dimana atawa rék kumaha baé ogé. Rék bobogohan deui baé ogé, pék. Ridlo dunya ahérat. Mending gé kitu ambéh aya alesan keur pegat.

Ari Rara ayeuna kalah kieu ngomongna, “matak gé teu kenging dipegatkeun Téh Esti téh. Deudeuh teuing, Téh Esti téh butuh bimbingan sareng apingan,” cenah. Lieur matak gé. Kalah ngaétéhkeun ka saingan téh.

Ka awéwé jiga kieu mah saha nu rék téga ngadua haté? Lamun aya lalaki nu ngalakukeun jiga kitu meureunan teu perenah boga indung. Mun ti baheula mula mah panggih téh, moal enya rék néangan nu séjén? Ku nu ieu mah, Kuring ngarasa seubeuh ku kanyaah.
Alatan SMS ti si Kuncir tadi, Kuring asa teu ngeunah nyupiran. Komo ningali roman Rara nu jiga loba pikiran. Mobil tuluy disina nyisi, majuna teu pati digas masing jalan sajalur ogé. Ah, dasar si Kuncir.
Di parapatan Préanger mobil kapegat deui lampu beureum.
“Ari si étéh parantos terang? Naha parantos dowartosan?” Rara nalungtik. Kuring api-api memener spion. Tembang Norah Jones nu tadi niiskeun ayeuna jadi ngaguruh ngagugudag. Crék, tip dipaéhan ku Rara Wulandari.
“Waler atuh!” manéhna ngadesek.

Kuring ngabetem. Lampu beureum asa lila pisan.

Jempé sajongjongan.

“Tos atuh dugi dieu wéh, tong dugi hubungan urang nyilakakeun nu lian.” Ceunah, sorana beurat pegat-pegat.

Gebeg, Kuring asa dibaledog granat. Embung ari kudu kaleungitan Rara mah. Kajeun si Kuncir wéh, Ridlo Lillahi Ta’ala. Kuring ngumpulkeun picaritaeun. Weléh, teu aya. Diléma. Dam. Skak stér. Salah léngkah kalahka rajana nu modar. Lamun milih Rara berarti ogé milih si Kuncir bari balaka ngeunaan hubungan jeung Rara, sapakét. Mun ayeuna milih megatkeun Rara, sudi teuing. Mun ayeuna api-api tunangan nu mutuskeun, bisa-bisa kabogoh ogé ngilu kabur, nyangka kuring geus ngulinkeun awéwé. Ahh…

Titit, titit. Sora klakson ragég ti tukangeun. Lampu hejo, geuningan. Buru-buru ngoper persnelling tuluy digas. Jedud, mobil paéh di tengah jalan. Tititit, titiit. Sora klakson beuki ragég. Gandéng siah, gerentes haté kuring. Dada ratug. Di peuntas, koloyong mobil dikasisikeun tuluy eureun.

Segruk, Rara nangis. Leng, Kuring ngahuleng.

Kodongkang Rara nyokot tissue tuluy nyusut cipanon. Jep, jempling. Duaan peheneng-heneng. Mobil teu dipareuman, hirup kénéh. Di luar, bur-ber mobil tararik. Segruk manéhna ceurik. Édas.
Kuring beuki teu puguh polah. Cetrék, mobil dipaéhan. Rét kana arloji, geus jam dalapan. Rét ka bangku tukang, kana koper nu eusina map héjo nu tadi dimat-omat ku Rara kudu kabawa. Kuring ngarénghap, berkas-berkas nu kudu ditekén ku urang Jepang téh moal ngajadi. Telat saeutik. Rét ka kabogoh nu keur nyusut cisoca. Rét kana ponsél nu gugurubugan. Aya telepon ti si Kuncir.

Iklan

7 responses to “Carita Pondok

  1. Dehalim Shinobu

    Alus, Eumz… Publikasikeun atuh. Nyieun sing loba, terus cobaan ka Geger Sunten, menta diterbitkan sugan we atuh…

  2. Berkunjung shob .Wah seuru euy caritana .Cerpan ieu mah nya lain cerpen mani panjaaaang teh .

  3. aduh carpon teh mani panjang, mana ah carpon anu sanesna, hoyong maca.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s