Udud VS SPP

Odin karek asup ka Imah Aceng waktu Aceng keur udud. Rohangan pinuh ku haseup.

Aceng   : “Jangar, Din!”

Odin      : “Naha kunaon?”

Aceng   : “Ceunah, lamun keur bararingung tuluy udud, eta kabingung teh biasana osok nyinglar. Ieu uing ti tadi geus udud beak sabungkus kabingung ngadon beuki nambah.”

Odin      : “Naha ceuk saha eta bisa kitu teh?”

Aceng   : “Heueuh ceuk anu beuki udud.”

Odin      : “Ari eta boga kabingung naon kitu meni bet kudu nyeungeut udud sagala?”

Aceng   : “Heueuh eta indungna budak ngarenghik ka uing menta duit sanggeus narima surat ti sakola. Ceunah ceuk eta surat, isukan budak teh kudu mawa duit limalas rebu keur mayar renang di kolam renang nu di tonggoh tea. Renang teh wajib lantaran asup kana ujian akhir semester. (Panon Aceng mencrong kosong jiga nu jauh panineungan. Lamun rada taliti mah bakal katingali aya cai nu ngalembereh tina juru panonna) Uing mah bingung ku jaman ayeuna, Din. Cenah sakola sd jeung smp mah haratis tapi aneh teu ngurangan resiko. Maksud teh enyaan ari iuran sakolana mah teu mayar, ngan nu lian-lianna asa diaya-ayakeun.” (Aceng jempe sakedapan bari nyedot ududna tuluy diburakeun.)

Odin      : !?!?!? (Unggut-unggutan)

Aceng   : “Heueuh sok we pikir ku silaing. Baheula mah basa urang sakola, asa can kungsi ku guru diperedih supaya meulian buku ieu buku itu, lks ieu lks itu, study tur ka ditu ka dieu, renang, bimbel jeung nu sejen-sejenna. Tara pan?” (Bari morongos ka Odin)

Odin      : (Gideug lalaunan)

Aceng   : “Heueuh kitu, ayeuna mah pelajaran teh asa diaya-ayakeun. Baheula mah nu jadi lanceuk apanan sok bisa we ngawurukan nu jadi adina da pelajaran sataun kamari teh sarua jeung pelajaran taun ayeuna. Pon kitu deui bukuna. (Leungeun Aceng apay-apayan jiga nu ngetrokkan bor gu penggrais) INI BUDI, INI IBU BUDI, WATI KAKAK BUDI, KUKURUYUK-KUKURUYUK.” (Sorana jiga arek leweh)

Odin      : “Ari kitu kumaha atuh ayeuna? Dibere budak teh duitna?”

Aceng   : “Sidik eta nu dipikiran ku uing teh, Din. Ieu oge udud meunang nganjuk ka bi Uti. Limalas rebu.”

Odin      : ?!?!? (Jebi bari ngabalieur)

Tinggalkan komentar