Berkas-Berkas Nu Moal Ngajadi

Carpon GUN-GUN MULAYAWAN

BERRR… berrr… berrr… ponsel Perbangsa gugurubugan. SMS. Diantos di pengkolan, cenah. Perbangsa buru-buru disalin. Calana coklat, beubeur hideung, kaméja telor asin tuluy dipapaés ku dasi krém sina ngagebay. Ngeunteung tuluy nyisirbarihéhéotan. Rapih ah, kasép, ceuk haténa. Kari maké sapatu. Ari jasna disangkéh ambéh jiga Tom Cruise.

Berrr..berrr…berrr… ponsélna gugurubug deui. Tong hilap map anu héjo, cenah. Emh heueuh, ampir wé poho. Mangka map nu sakitu penting. Berkas-berkas MoU proyék gawébareng jeung urang Jepang nu kudu kabawa harita pisan. Jam dalapan téng, teu maké telat. Mun teu kabawa atawa telat, berarti kalaut. “Nuhun, geulis, enung, jungjunan engkang,” gerentes Perbangsabaricelengok nyosor ponsél nu masih kénéh ningalikeun SMS ti Rara Wulandari téa.

Boga kabogoh téh titén pisan kana sagala rupa. Apal kana sipat Perbangsa nu limpeuran. Matak ngahaja ngontrak imah téh ngadeukeutan. Di Batununggal, kahalangan ku sababara blok. Ambéh bisa langsung diingetan lamun poho, pikirna. Da mémang aya waé nu poho. Pangpangna mah ambéh pulang-anting gawé bisa bareng. Balikna samobil, ari jangjian indit ngantor sok  silih tungguan di parapatan Jalan Soekarno-Hatta.

Desainer interior Rara téh. Boga rohangan husus dina salah-sahiji majalah kulawarga nasional ngeunaan panataan interior. Ahli jeung luhung élmuna.

Naon atuh bet bogoh ka Perbangsa?Nahaalatan teu payu, atawa kabéngbat ku title jeung pakaya? Lain, lain kitu. Disebut teu payu mah piraku, da lalaki geus ngantay paginding-ginding pagandang-gandang, malah réa diantarana nu sok mahugi ka manéhna. Matak, mun disebut kabéngbat ku title jeung pakaya, paralun teuing keur Rara mah. Da sidik Rara téh hiji wanoja mandiri nu teu butuh bantuan ti nu séjén, komo kudu jajaluk ka lalaki.

Naon atuh bet bogoh ka Perbangsa? Nahakeur ngalampiaskeun hawa napsu wungkul jiga kalolobaan awéwé nu kaeunteupan panyakit western? Teu, paralun teuing. Agama geus ngajaga manéhna tina laku nirca jiga kitu. Éstuning rasa cinta nu datangna duka timana nu ngalantarnkeun manéhna silih mikacinta. Kitu sotéh ceuk Rara. Hésé matak gé munapék kana perasaan sorangan mah. Kitu ogé jeung Perbangsa, bangga rék nyebut teu suka ka Rara mah.

Sup, map warna héjo nu tadi diingetan ku Rara téh diasupkeun kana koper, sarta tuluy dijingjing. Manéhna ngeunteung sakedap memener dasi. Gagah, cenah ceuk manéhna sorangan, moal ngérakeun Rara.

Tewewew…tewewew… ponsél Perbangsa aya nu ngebél. Rara Wulandari deui. “Antosan, nuju di jalan. Sakedap deui!” témbal Perbangsa ngawadul.

Jam satengah dalapan mangkaning. Dasar talangké. Golosor panto garasi diiserkeun. Ciut, ciut sada alarm. Clé, Perbangsa diuk tukangeun setir, biur wé mobil teh dilumpatkeun.

Tuh, geuning katingali ayeuna mah Rara keur élékésékéng rut-rét ka palebah datangna Perbangsa. Rarayna amucuy, jamedud jiga raksukan nembé dipeureut.

Tititiiiit, Perbangsa ngelaksonan. Reg, mobil eureun hareupeun Rara. Bray, panto mobil dibukakeun. Clak, Rara hanjat.

“Meni lénglé,baku” cenah, baeud. Perbangsa nyengir.

“Baé ah, ari diIndonesiakénéh mah.” Walon Perbangsabarinyengir.

Rara Wulandari beuki samutut.

“Pantes hésé majuna atuh urang Indonésia mah, da alas sorangan gé kalah diasongkeun ka hayam.“ Mimiti hutbah. Biasa kituna téh lamun geus manggihan Perbangsa nyapirakeun kana waktu. Tapi ku Perbangsa langsung ditémpas.

“Yes, mam, yes mam. That’s right.” Cenahbariangger nyengir.

“Baku, ah! Ngaléléwé waé.” Ciiiit, Rara Wulandari nyiwit leungeun Perbangsa semu nu gereget.

“Wadaw, nyeri jeung nyetrum deuih.” Perbangsa ngajerit. Mun Perbangsa nyekel bohlam mah  jigana bisa hurung. Hurungna ngempray na manah saendeng-endeng.

“Sakali deui atuh!” cenah ceuk Perbangsa kalahka ngaheureuyanbarisong ngasongkeun leungeun ka Rara. Kituna téhbariluwa-lewé.

 “Énggal ah, tos kasiangan!” Leungeun nu diasongkeun ku Perbangsa teh lain diciwit deui tapi kalahka disun tuluy ditémpélkeun kana tarangna.

“Huhh,” Perbangsa ngarénghap, jantungna ratug. “Ok, mam! Hang on!” Persenéleng diasupkeun. Rarayna kaciri marahmay, caang bulan opat belas. Biur, mobil digas meuntas Jalan Soekarno Hatta asup ka Jalan Cijagra. Ka kaluarna di jalan Buah Batu.

Jalan lowong teu cara sasari. Saparapat jam gé tepi ari kitu mah. Jangjian jeung urang Jepang jam dalapan téh moal bolay, nu ieu mah pasti gol.

Asup ka jalan Buah Batu, crek, Perbangsa ngasupkeun kaset Norah Jones kana tip. Tembang pangaresepna jeung pangaresep Rara.

Meureun, ieu hiji-hijina pangaresep nu sarua, musik, babakuna jazz atawa nu bau-bauna kadinya. Norah Jones. Da ari nu séjén mah loba nu teu surup, malah patukang tonggong. Rara téh wanoja geulis, pinter, disiplin, basajan, jeung teu matré. Ari Perbangsa sabalikna, boros jeung sakahayuna kana sagala rupa.

“Nu matak jadi bulan-bulanan si bos, akang mah.” Ceuk Rara muka carita, waktu mobil ngarandeg di parapatan Buah Batu-BKR. Jigana, sajajalan haténa noroweco hayang ngagelendeng Perbangsa. Kudu dibebener Perbangsa téh, cenah, ambéh rada disiplin. Matak kitu manéhna ngahaja teu nyetir sorangan masing boga ogé, da cenah ambéh bisa ngajujurung jeung gaping Perbangsa, tur ngarah teu mindeng telat. Sugan ari kapaksa kudu nganganteur mah Perbangsa téh ngabiasakeun hirup disiplin jeung ngatur manéh, pikirna.

Untung sotéh Perbangsa mah dipertahankeun cekel gawé téh, pédah gambar-gambar arsitékturna nu geus katelah, sok dijieun referénsi, jaba loba customer nu pesen dipanggambarkeun téh apan ukur ku Perbangsa. Ku Perbangsa, aéh ku hasil leungeun Perbangsa meureun (mun Perbangsa meunang gedé hulu mah) pausahaanna bisa maju téh.

Ceuk Rara Wulandari mah Perbangsa teh olo-olo. Padahal mémang Perbangsa mah mun ngagambar téhtarabisa gurung-gusuh. Kudu loba titimbangan, cenah, boh tempat dimana éta gedung rék dibangunna, kaayaan taneuhna, kemiringan taneuhna, sosio kultur, sajarah jeung réa-réa deui. Nu matak teu bisa langsung gutret ngagambar.

Kitu téh Rara ogé apal. Dina pagawean nu teu mingkin kapigawé, Perbangsa mah moal ieuh dikeukeuweuk ku sorangan pedah hayang proyék gedé atawa hayang kapaké ku atasan.Tara, Perbangsa mah. Sok éra ku dédikasi jeung idealisme nu dikotéktak dina bangku kuliah, cenah. Tah éta meureun nu ngalantarankeun Rara ngaragragkeun duriat ka manéhna.

Ari Perbangsa jeung Rara mimiti deukeut téh alatan Perbangsa nu sok loba curhat sagala perkara masalah pribadina. Nu antukna timbul rasa simpati, sarta mimiti katarik ati kapentangasmara. Perbangsa téh saenyana mah geus boga tunangan. Rék dipegatkeun tunanganana téh, tapi dicaram ku Rara. Anéh mémang. Tapi baé kitu gé, ceunah da lalaki mah teu aya nu nyaram gaduh istri langkung ti hiji.

Mobil ngaliwatan jalan Karapitan. Di simpang limakabeneran lampu beureum. Berrr…berrr…berrr… ponsél Perbangsa ngagurubug. SMS. Say, kpn dtg. Miss u, cenah, ceuk SMS ti tunangan Perbangsa. Si Kuncir, disebutna ku Perbangsa mah. Moal salah, hayang dianteuran duit. Tek, SMS téh ditutup deui, teu dijawab. Ponsel tuluy disimpen semu dialungkeun.

“Saha?” tanya Rara.

“Nu iseng,” témbal Perbangsa sakeunana.

Kasét dina tip masih kénéh muter Norah Jones.

“Waler wé atuh, kang,” Rara surti.

“Ah, lebar pulsa. Barina ogé akang mah pan nuju nyetir. Bisi kumaha onam.” Kituna téhbarimemener sora tip nu ngagorokgok.

“Tadi aya geuning, waler wé atuh kang. Cing ku abdi.” Cenah ceuk Rara Wulandaribarinyolongkrong rék nyokot ponsél.

“Keun wé, engké gé nga-SMS deui.” Cek Perbangsa, sorana teugeug. Leungeun Rara murungkut deui.

 “Si Étéh?” tanya Rara, nalungtik.

Perbangsa ngabetem.

“Sakali-kali mah abdi hoyong pendak, kang!” ceuk Rara.

“Teu perelu!” ceuk Perbangsa teugeug. “Tos ah, tong nyarioskeun éta deui, gentos topik wé ngobrolna!”

Kabeneran, lampu hejo. Teu talangké, mobil langsung dibélokeun ka Jalan Asia Afrika. Sakeudeung deui tepi. Hayangna mah geura parkir, geura naék lift, langsung panggih jeung urang Jepang téa, tuluy ngabahas MoU. Tong aya deui obrolan ngeunaan si Kuncir. Geus lieur, cenah na pikir Perbangsa.

Nu gigireun ngabetem.Baku, ari aya telepon atawa SMS ti si Kuncir téh, suasana nu asalna pogot jadi simpé. Masalahna lain di Rara waé, tapi Perbangsa nu sok murungkut nguyung ngabandungan kahayang ti tunanganna nu rupa-rupa, saperti sual pakean, perhiasan jeung duit.

Ari Rara, sok hayang wé manggihan ka tunangan Perbangsa téh. Lain rék ngontrog cenah, tapi rék duduluran. Awéwé sakitu andalemi rék ngontrog? Paling ogé tunangan Perbangsa nu ngontrog Rara. Tada teung dikoétanna raray Rara téh.

Tacan siap Perbangsa téh. Si Kuncirna gé udar-ider waé, natangga, ngadon cicirihilan ngomongkeun batur, jalan-jalan ka mal, balanja barang-barang nu teu perelu atawa ngarumpi di salonbarigunta-ganti warna buuk. Perbangsa mah ayeuna resep téh ka awéwé nu bisa némbongkeun yén manehna téh awéwé bageur tur bener nu rék satia, satuhu ka salaki jiga awéwé nu ayeuna diuk di gigireunana.

Matak, Perbangsa mah teu paduli ayeuna tunanganna aya dimana atawa rék kumaha baé ogé. Rék bobogohan deui ogé kajeun teuing. Malah alus kabina-bina, ambéh aya alesan keur pegat, cenah.

Ari Rara Wulandari ayeuna kalah kieu ngomongna teh, “Matak gé teu kénging dipegatkeun hubungan akang sareng Téh Ésti téh. Karunya teuing, apan Téh Ésti peryogi bimbingan,” cenah. Lieur matak gé Perbangsa téh. Kalah ngaétéhkeun ka pimarueun téh.

Hanjakal Perbangsa téh karék panggih jeung Rara sanggeus manéhna tunangan. Ka awéwé jiga kieu mah saha nu rék téga ngadua haté? Mun ti baheula mula mah manéhna panggih jeung Rara, moal enya manéhna rék néangan nu séjén. Ku nu ieu mah, Perbangsa ngarasa seubeuh. Seubeuh ku kanyaah.

Alatan SMS ti tunanganna tadi, Perbangsa asa teu ngeunah nyupiran ogé. Komo ningali paroman Rara. Mobil tuluy disina nyisi, majuna teu ngebut masing jalan sajalur ogé. Ah, dasar si Kuncir,  Perbangsa ngaweweléh na jero haté. Di parapatan Hotél Preanger, mobil Perbangsa kapegat deui lampu beureum.

“Ari Si Étéh parantos uninga?Nahaparantos dowartosan?” tanya Rara, nalungtik sakali deui. Perbangsa memener spion nu geus merenah. Lagu Norah Jones nu asalna mah niiskeun haté, ayeuna jadi ngaguruh ngagugudag teu puguh kadéngéna. Crek, tip dipaehan ku Rara.

“Waler atuh, kang!”

Perbangsa ngabetem. Lampu beureum asa lila pisan.

Jempé sajongjongan.

“Tos atuh dugi ka dieu wé hubungan urang téh. Tong dugi ka hubungan urang téh nyilakakeun batur.” Ceuk Rara.

Gebeg, haté Perbangsa asa dibaledog granat, ngabeledug. Embung ari kudu kaleungitan Rara mah. Kajeun si Kuncir wé, cenah. Ridlo Lillahi Ta’ala nu eta mah. Perbangsa ngumpulkeun picaritaeun. Weléh, bingung. Bingbang. Dam. Skak stér. Mun salah léngkah, kalah rajana nu modar. Mun enya ayeuna manéhna milih Rara, berarti kudu milih tunangannabaribalaka ngeunaan hubunganna jeung Rara. Mun enya ayeuna manéhna milih megatkeun Rara, sudi teuing, cenah. Mun enya ayeuna manéhna api-api tunanganna mutuskeun manéhna, asa piraku, bisa-bisa Rara oge milu kabur, nyangka manéhna geus ngulinkeun haté awéwé.

Titiiit, titiiit…! Sora klakson ti tukangeun mani ragég. Lampu geus héjo. Buru-buru Perbangsa ngoper persnelling, tuluy digas. Jedud, mobil ngagejlok da Perbangsa nu teu tarapti kana kupling. Mobil paéh. Tititiiit, titiiit…! Sora klakson ragég deui. Gandéng siah! Gerentes Perbangsa. Dadana ratug. Di peuntas, koloyong mobilna dikasisikeun, tuluy eureun. Segruk, Rara nangis. Leng, Perbangsa ngahuleng.

Kodongkang, Rara Wulandari tisu, tuluy nyusut cipanon. Jep, jempling sakedapan. Perbangsa jeung Rara peheneng-heneng. Mobil teu dipareuman, hirup kénéh. Di luar, bur-ber mobil tararik. Segruk Rara ceurik. Édas.

Perbangsa beuki teu puguh polah. Cetrék, mobil dipaéhan. Rét ka Rara nu keur nyusutan cisoca. Rét deui kana ponsel nu gugurubugan jiga jaér di balandongan. Aya telepon ti si Kuncir. Emh, cenah rumahuh. Rét deui kana bangku tukang, kana koper nu eusina map héjo téa. Berkas-berkas MoU nu kudu ditéken ku urang Jepang téa jam dalapan téng teu maké telat. Rét kana arloji, jam dalapan. Perbangsa ngarénghap, berkas-berkas MoU nu kudu ditéken ku urang Jepang téh moal jadi atuh. Rénghapna karasa beurat. Telat saeutik, time is money.***

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s